Ahmadalfajri.com – Pidato Bahasa Sunda Tentang kemerdekaan Indonesia

Selamat datang kepada seluruh pengunjung setia di blog sederhana kami ini.
Pada artikel kali ini, kami akan membagikan sebuah contoh teks Pidato dalam bahasa Sunda yang berjudul : Kemerdekaan Republik Indonesia.
Teks pidato ini juga dapat anda jadikan sebagai materi lomba pidato untuk anak anda dalam mengikuti lomba pidato pada berbagai acara.
Dan bahkan teks pidato ini dapat anda jadikan sebagai isi dalam ceramah khotbah Jumat anda.
Isinya singkat, padat dan sangat kaya dengan kandungan makna.
Teks contoh pidato mensyukuri nikmat kemerdekaan ini kami kutip dari sebuah channel YouTube yang beralamat di: Cecep 2312
Kemerdekaan Republik Indonesia
Assalamualaikum wr wb.
Alhamdulillahirobbil alamin wasolatu wasalamu ala asrofil anbiyai wal mursalin wa ala alihi wasohbihi ajma’in (amma ba’du)
Hadirin anu dipikahormat.
Para alim ulama anu jembar ku pangabisa, para kiyai anu sugih ku pangarti, para guru anu luhung ku elmu para ajengan anu nyicingan dina ginanjar kawilujengan.
Teu hilap ka bapa bapa ibu ibu nini nini aki aki, pemuda rawuh pemudi, teu kakantun ka murangkalih anu warening galih anu sadaya ku pribados di pikahormat, rek nu jangkung rek nu pendek, nu kasep nu rodek, nu mancung nu pesek, sadaya ku pribados di pikahormat insya alloh ku alloh di mulyakeun.
Pangluhung kolbu kajembaran manah puji anu jadi panghias ati lir ibarat kembang malati jatining cinta anu sajati nu jadi bubuka dina ie ungaji, manga urang sanggakeun ka dat alloh anu maha suci nu ngadegkeun langit sinareng bumi.
Puja nu jadi panghias kata lir ibarat kembang campaka ciri rasa anu ngancik dina dada umat manusa, dina danget ieu urang sanggakeun ka dat alloh nu maha kawasa anu murbeng alam dunya jeung sagala eusina.
Syukur anu jadi pigur ieu catur lir ibarat kembang bungur anu luhur manga urang sanggakeun ka dat anu maha gopur anu gopurna moal tiasa diukur.
Oge teu kaselip selip dina ati teu kaselap selap dina rasa, rohmat miwah salam kawilujengan mugia di limpahkeun ka panutan alam anu jadi pahlawan repolusi islam sa alam dunya, anu jujur arip tur bijaksana pamimpin nu sajati anu moal gunta ganti nepika yaumal jaja nanti.
Hadirin anu dipikahormat.
Oge ka ahli pamalihna sohabat katut kalawargana tabiin atbautabiin oge urang sadaya anu berusaha tur berupaya neruskeun sareng ngamalkeun ajaran ti mantena mudah mudahan sing karagragan ku rohmat katut salam amin ya alloh ya robal alamin.
Hadirin anu dipikahormat urang judulan ieu ceramah teh ku judul kemerdekaan.
Teu karaos indonesia tos 77 taun merdeka, ku arurang di peringati hari besar ieu, hari bersejarah dimana para pahlawan memperjuangkeun kemerdekaan indonesia.
Mepertaruhkan jiwa jeung raga, kabuktos hasilna, ku arurang tos karaos, tah eta teh jadi pepeling keur urang sareng jadi bahan tafakuraneun yen saenyana teu aya anu teu mungkin.
Para pahlawan ngalawan penjajah ngan make bambu runcing, tapi ku kersaning alloh mah teu aya anu teu mungkin ku kakuatan doa jeung kayakinan mah insya alloh bakan berhasil.




