Pidato

Pidato Bahasa Sunda Tentang kemerdekaan Indonesia

Hadirin anu dipikahormat.

Janji alloh dina Al-Quran:

UD’UNI ASTAJIB LAKUM

“Pek ngadoa ka kami maka kami bakal ngaijabah kana pangdua anjeun kabeh.”

Kudu percaya, dina nalika alloh berkehendak KUN FAYAKUN.

Ceuk Alloh jadi mangka jadi.

Eweuh nu teu mungkin kangge Alloh mah.

Dina nalika urang berusaha jeung bersungguh sunguh maka bakal berhasil. 

Bersungguh sungguhna mah dina hal naon wae, boh dina usaha, ibadah jeung sajabana.

Soalna loba jalma anu anu pesimis dina ngalakuken sesuatu, loba kasien, sieun gagal, sieun sagalarupa.

Saur alloh dina Al-Quran:

إِنَّ ٱللَّهَ لَا يُغَيِّرُ مَا بِقَوْمٍ حَتَّىٰ يُغَيِّرُوا۟ مَا بِأَنفُسِهِمْ ۗ

“Saestuna alloh moal ngarobah kaayaan suatu kaum nepika aranjena ngarobah kana kaayaanana sorangan (Q.S. Ar-Rad:11).

Anu intina urang kudu usaha lamun hayang kaayaan urang robah, entong cicing wae. Urang kudu ihtiar dibarengan jeung ibadah anu khusyu.

Anu gagal bakal sukses ari berusaha mah. Ibadah anu belang betong bakal getol lamun usaha ngalawanan rasa hoream, jodoh moal hese ari di teangan mah. Nanaon wae ge kudu usaha heula. Lamun ceuk pepatah tea mah usaha moal ngahianatan hasil.

Hadirin anu dipikahormat.

Ari cicing wae mah moal barobah nanaon ge. Tapi inget usaha ge kudu dibarengan ibadah, sholat ulah lalei.

Kahayang can kacumponan, urusan katunda tunda, urusan hayang lancar, ari solat di tunda tunda. Ari sagala urusan hayang gampang jeung lancar, tapi solat ditinggalken wae. Nya hese atuh.

Intina ihtiar doa jeung ibadah.

Mudah mudahan ku acara 17 Agustusan ieu jadi pepeling keur diri urang jeung panginget jasa jasa para pahlawan, ngajadikeun diri urang supaya leuwih bersatu.

Oge mudah mudahan sagalarupi kahirupan urang digampangkeun ku alloh swt, jeung urang leuwih getol kana usaha jeung ibadah aminnn ya robal alamin.

Hadirin anu dipikahormat.

Sakitu wae nu tiasa didugikeun. Kirang langkungna nyuhunkeun dihapunten.

Wasaalamualaikum wr wb.

Demikian saja artikel yang dapat kami bagikan tentang contoh Pidato Bahasa Sunda Tentang kemerdekaan Indonesia. Semoga bermanfaat dan terima kasih.

Laman sebelumnya 1 2
Lihat Semuanya

Related Articles

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *

Back to top button

Adblock Detected

Please consider supporting us by disabling your ad blocker